Rabu, 19 September 2018

Opat amanat Pak Kyai (Almaghfurlah KH Irfan Hielmy) nu kaémut.

.. .....sok ras émut ka anjeuna. alFaatihah...
(dipedar ku Kang Dadang)
Dina wengian ahad nu simpé ieu, pamugi tiasa kaémut deui amanat tinu janten sepuh.
Kahiji, (Bacalah Minimal 100 halaman sehari !)
Hartosna, upami hoyong cacaang di alam dunya, tiasa milampah kahirupan sareng kahuripan, tiasa nandangan bangbaluh nu karandapan tangtos éta ku élmu. Élmu umumna aya na buku, sanaos ayeuna aya na internét. Makna na mah sami, anjeuna miwarang urang maca naon waé buku nu aya, malihan mah koran bubungkusan goréngan mun katingal aya babacaan, aos waé. Upami sadinten 100 kaca hartosna dina sasasih 3000 kaca berarti rata2na mah samisareng 12 buku dina sasasih.
Kadua......(Ku Serahkan Ilmu, Walau Punya Sedikit Waktu).......
Hartosna, Anjeuna ngaraos sanaos walisantri nitipkeun murangkalihna mung sakedap 6 taun atanapi 3 taun, Anjeuna mah nyempetkeun pikeun ngadugikeun sagala widang kaélmuan- ngabekelan para santri supaya apal sagala, komo élmu kaislaman mah, éta buktos kanyaah anjeuna ka para santri. Tapi aya ogé nu ngamaksadan amanat kadua ieu, yén anjeuna ngaraos samporét waktos, janten sanaos kitu upami nuju séhatmah anjeuna moal ngantunkeun pangaosan. ....Upami émut nu ieu sok asa reumbay cipanon....
Katilu,......(Mengajar adalah Obat!).....
Hartosna mungguh Almukarrom, nu namina ngawulang téh "obat jiwa-raga". Kasauran Anjeuna mah sok ngaraos séhat upami nuju ngisi pangaosan téh. Tah ieu amanat sok didugikeun ka santri supaya yakin yén "ngajar éta obat". Margi ku ngajar mah tiasa ngajauhkeun tina sipat pikun. Nu pang-saé2na jalmi pan nu diajar alQuran sareng ngajarkeunana.
Kaopat,.....(Jangan Menjadi Pengikutku, jadilah penerusku, ......).......
Hartosna, sakaterang simkuring anjeuna mah unggal ngadugikeun pangaosan sok seueur nyumangetan kanu janten santrina. "Hidep téh sirung pinunjul nu kahareup bakal nanjung" kudu napak lempeng dina istiqomah. Almukarrom mah teu maksa ka santri supaya jadi naon-jadi naon, tapi nu penting bekel takwa aya-bekel élmu munel, jeung bisa neruskeun anjeuna dina syiar Islam.
Mugia amanat anjeuna ieu teras2an janten manpaat kanggo urang sadaya......

Artikel Terkait Tafsir Sunda

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Komentar Postingan