Rabu, 19 September 2018

DULUR JADI MUSUH, JALMA SILIH TUDUH DINA SURAT AZZUHRUF.

Dina dintenan kiamah nalika dihisab, sadaya tatalian wargi -hiji jalma jeung papadana- ngajadi musuh, anging tatalian jalmi2 anu dumasar kana katakwaan. Éta katerangan tiasa ditingal dina suroh AlZukhruf ayat 67.
الْأَخِلَّاءُ يَوْمَئِذٍ بَعْضُهُمْ لِبَعْضٍ عَدُوٌّ إِلَّا الْمُتَّقِينَ
"Sakabéh tatalian dina poé éta, ngajadi musuh- hiji jalma jeung nu lianna-, anging jalmi2 nu takwa"
Maksadna saur Ibnu Abbas, Imam Ali sareng Imam Mujahid mah ieu ayat ngajelaskeun sadaya babarayaan, tatalian, dulur salembur, batur saimah, bakal ngajadi musuh sabab nalika dihisab maranéhanana silih tuduh jeung silih tuntut kana dosa nu dipilampah di dunya.
Hiji awéwé nuduh salakina, "Gustiii, ieu abdi kieu tah alatan salaki tara ngageuingkeun kana salaat".
Hiji kolega nuduh batur sakantorna, "Gustii, kami kieu sotéh sabab manéhna nu ngajak dahar duit haramna".
Sakabéh jalma, harita mah mumusuhan..indung ka anak, anak ka indung jeung kitu deui tatalian séjénna.
Tapi aya ogé nu bakal silih nyalametkeun nyaéta tatalian dina katakwaan, anu di dunyana silih nganaséhatan, silih ngageuingkeun ngajak kana kasaéan.
Mugia urang mah, kumelendap di alam dunya ieu teh tiasa milampah kasaéan nu ngajantenkeun wasilah pangbeungbeurat dina poéan hisab.

Artikel Terkait Tafsir Sunda

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Komentar Postingan