Rabu, 19 September 2018

Ma'na "Burhan" dina surat Yusup ayat duaopat, jeung cara maca ayatna.


Nalika panto geus narutup, tuluy Siti Zulaiha ngagoda kangjeng Nabi Yusup, ngajak sérong ,"Kadieu !", ngawaler waé Nabi Yusup téh ,"Kuring nyalindung ka Alloh, saenyana Tuan Qiftir "Aziz" jalmi saé tos ngatik abdi dugi ka kieu, ". ieu ayat duatilu teras ayat duaopatna ngajelaskeun,...
{وَلَقَدْ هَمَّتْ بِهِ وَهَمَّ بِهَا لَوْلا أَنْ رَأَى.....( بُرْهَان).....َ رَبِّهِ كَذَلِكَ لِنَصْرِفَ عَنْهُ السُّوءَ وَالْفَحْشَاءَ إِنَّهُ مِنْ عِبَادِنَا الْمُخْلَصِينَ (24)
Saenyana Siti Sulaikho geus niat serong Ka Nabi Yusup, jeung Nabi Yusup ogé aya syahwat ka siti Zulaekho lamun anjeuna teu ningal "emut" kana BURHAN ti Pangéran mah. Saperti kitu, ku Kami dijauhkeun sipat goréng jeung pahsya ti jalma2 nu saroléh.
Sanaos nu ngagoda kangjeung nabi Yusup, siti Zulaikha téh geulis kawanti wanti éndah kabina bina, ceuk dina babasan mah mamah2 muda nu jangkung lenjang kulit umyang, tapi Nabi Yusup teu kagoda da ujug2 bréh katingal dina émutanna, nyaéta "Burhan" téa...bukti nu ditapsirkeun ku para ulama, saperti kieu :
1. Aya nu nyebatkeun katingal malaikat Jibril, riwayat ti alQuraizy.
2. Aya ogé nu nebatkeun bayangan Apana-Nabi (Ya'kub tea), ieu riwayat Ibnu Abbas, Sa'id, Mujahid, Sa'id ibnu Jubair, Muhammad ibnu Sirin, Al-Hasan, Qatadah, Ad-Dahhak, Muhammad ibnu Ishaq, dan lain-lainnya,
3. Aya ogé cenah, bayangan Qifthir-Aziz, carogéna Siti Zulaikho....riwayat alAufi
4. Aya nu nyebatkeun nabi Yusuf ningal seratan ajaran heubeul dina panto bumi," ulah zinah"., kasauran alQuraidzy mah
Tah simpulna mah sabab atikan Nabi Ya'kub jeung atikan Mantri Aziz "Qifthir", Nabi Yusuf jantn pamuda nu tuwuh panceg dina kaimanan, teu kaganggu, teu gideg ku angin syahwat ogé, sok pédahalmah jarang2 aya pamuda teu kagoda.
Tapi saterasna, intina mah dina maos ayat
وَلَقَدْ هَمَّتْ بِهِ
rada aya koma na, na émutan, teras nu salajengna mah kedah dihijikeun.
وَهَمَّ بِهَا لَوْلا أَنْ رَأَى بُرْهَانَ رَبِّهِ
hartosna Siti Zulaiha mah aya nafsu, tapi nabi Yusup mah bakal aya niat ogé lamun teu aya Burhan ti Pangéran, sabab macana dihijikeun makna simpulna mah, Yusup teu aya nafsu atawa niat pikeun serong.
Ieu kedah ditegeskeun sabab nyucikeun sipat Nabi Yusup tina aya niat atawa nafsu.
Tapi seueur pendapat ogé, aya nu nyaurkeun nabi Yusuf mung aya niat wungkul, aya ogé tos sami kapegung nafsu tapi diémutan ku Gusti. Tapi nu saé mah nu dijelaskeun tadi.
Mugia atikan nu ngatik urang ti aalit gé, tiasa nyalametkeun dina perdetikna kahirupan nu disorang....

Artikel Terkait Tafsir Sunda

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Komentar Postingan