Rabu, 29 Juni 2022

ÉLMU LADUNI PUN GURU KH IRFAN HIELMY bag. 2

 

Pun Guru Allahu Yarham KH Irfan Hielmy, mantenna masyhur ku èlmu ladunni. Sakolepat upami ngapalkeun atanapi maos kitab téh, sami sareng Ayahna Mama Fadlil anu sakilat ngarang tarjamah Sunda syi'iran Qosidha Burdah Al Busyairi.

Mama Fadlil dipundut ku Gusti dicandak kunu Maha Kawasa dina yuswa 40an.
Sami sareng saangkatanna KH Abdul Hamid Langkaplancar sareng KH Ruhiyat Cipasung, ogé KH M. Siradj Cijantung, marantenna Para Kyai laduni, ngawariskeun ruh pamingpin sareng Élmu Laduni na ka para putrana.
Almaghfurlah KH Irfan Hielmy sanaos anom kénéh kantos ngiring Muktamar NU ka 23 taun 1962 di Surakarta Solo, janten galih sareng Kyai2 Jawa dina Bahsul Masail, muktamar ka 24 di Bandung Ogé taun 1967, kantos ngiring sareng Kyai Ya'kub Sy. Kantos ogé janten pemateri Ahli Sunnah wal Jamaah 7 dinten 7 wengi acara GP Anshar di Sidoarjo kapungkur. Saleresna mantenna lintas ormas Keagamaan, NU, Muhammadiyah jrrd da diangken ku para inohong sareng Para Kyai tiditu tidieu, margi tos kalatih yuswa 24 taunan mantenna tos tanggelwaler nyepeng pasantrén. Kamasyhur Kyai jenius, tos kantenan upami matan2 sareng ta'biran tina kitab2 mah seueur nu katalar waktos di Cintawana sareng Gunungpuyuh, saguru ogé sareng Mama Khoér. Buku2 Ilmiah, Novel2 budaya sok seueur didugikeun eusina deui ka para santri. Puisi "Kandil Mestika tlah Sirna" eta seratan mantenna kanggo Jndral Sudirman putra B. Sudiman. Bahasa Arabna Fasih da seueur Iqtibas ti al-Quran sareng Hadits sareng ta'biran kitab2. Kasauranna, Kudu loba maca, maca ulah diambeuan heula, baca naon waé nu aya malah kertas bubungkusan gé baca, sok aya paédahna.
Saleresna seueur tirkah/amalan Mantenna anu diwariskeun ka para santrina. Hiji nu kahihilap padahal galihna élmu ladunina nyaéta maos ieu ayat diulang ulang sacekapna dimana sok lenggotan atawa pohoan saurna.
عَسَىٰ أَن يَهْدِيَنِ رَبِّي لِأَقْرَبَ مِنْ هَٰذَا رَشَدًا
mugia, urang tiasa ngamalkeuna...,

Artikel Terkait Biografi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Komentar Postingan