Rabu, 20 Agustus 2014
Ibu rama
..Panonpoe meletek ti belah wetan, wanci isuk
ka beurangkeun panasna mimiti karasa. Hanet moyan geus ngageser ka waktu
rumangsang. Asa kujongjon barudak sakola geus lalibur jeung meunggeus
kalalembur. Poean jum'at ieu teh nya, meujeuhna jumsih
di masigit sabeulaheun imah, bari nepungan nu Kawasa dina dhuha. Asa
kalah nalangsa ieu teh, hate asa lemeng jeng leumpang karasa ngalayang.
Duka ku naon? ningal ibu2 jeung bapa2 jamaah masigit rek jarumsih, kalah
rey aya rasa kasono ka nu jadi indung bapa. Nyawang puluhan taun
katukang, sagala rupa asa ngalangkangan malah kalah jadi seuri sorangan.
Mani inget pisan, ka warung sok ngagulung, ngabuntuttan ngaripuhkeun nu
jadi indung, unggal poe menta jajan ka si bapa malah mun pasea sok
dibela, pikeun aranjeunna mah, sagala rupa teh khusus keur anakna malah
nepi ka ayeuna....Teu karasa berebey cisoca kaluar, tuluy nyurucud
mapay, ka dorong rasa kasono ka indung nu geus ngandung bapa nu ngayuga.
Wirehna sim kuring tacan tiasa ngabales kanyaah ibu rama, rumaos diri
sok ngahesekeun aranjeuna, mudah2an mah henteu dugi ka ayeuna. Kieu
karasana, ngumbara jauh ti ibu rama, ceurik batin balilihan, sumarambah
kana bayah. Mdh2an rasa ieu ngajadi tapakur pikeun bekel alam kubur,
nyungkur lain ka batur, munjung lain ka dunungan, muja lain ka atasan,
meungpeung aranjeunna masih aya di alam dunya, tacan dipundut kunu
kawasa. kuurang kudu didamba dibagja-bagja, dinangna-nengne jeung
dimumule. Hayu atuh ka baraya sadaya, sateuacan datangna sasih puasa,
urang ngunjungan ibu-rama, cuang leburkeun ieu rasa, bari nyuhunken
dihampura ! "robbighfir lii wa liwaalidayya warhamhuma kamaa rabbayaanii
shaghiira"
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar