Selasa, 09 Februari 2016

Kapincut

#DIAJAR_NGAYAS

Kapincut Kanyaah Salira

Nyanggakeun panuhun duh panutan ati,
kumargi salira maparin sasimpay mawar anu seueur kelirna,
tawis kacinta salira anu suci nyeungitan hate.

Hatur nuhun duh kakasih ati,
kumargi salira kersa neuleuman sagara kaasih dina hate ku mangpirang seuseungitan anu ngajirim tina kaheman salira salami ieu.

Salira ngawangun karaton katresna tina inten berlian anu ku abdi diimpen-impenkeun,
kanggo jisim abdi ngiuhan kaasih dina handapeun iuhna kadeudeuh salira.

Salira ngamparkeun patamanan cinta salira,
kanggo tilam mondokna harepan abdi,
salira nyimbutan lelembutan ku perhatosan tina sutra
kaasih, kaheman, katresna, kadeudeuh, kanyaah, kacinta salira duh endahna kabina-bina.

Artikel Terkait BASA SUNDA

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Komentar Postingan